Senin, 24 November 2014

Rehat Sejenak ...

Bismillahirrohmanirrohim...
Alhamdulillahirobbil'alamin...
Allohumma sholli 'ala Sayyidina Muhammad ...
Waduhh Mang Amid, Wa Eloh, Ceuk Ici... meni asa lieur kieu !!! Unggal poe asa euweuh kacingcalang dina sirah hayoh wae mikiran batu, Batu permata Bungbulang anu kawentar sa alam jagat raya ieu (ceuk nu wadul) ngajadikeun kuring lupa diri, sirah muter kukurilingan ngabayangkeun pibatieun. Da pada apal ateuh harga batu Bungbulang garut teh hargana menggemparkan rahayat jelata (siga kuring) "Batu ieu mun payu saratus juta kuring dek mayar hutang, meuli lomari, meuli korsi, emas jang pamajikan, rokok sabungkus (da biasa mah ngalnting bako mang Usman anu harga 10 rebu salempeng, mun dikenyot sababaraha kali teh teu hurung wae) jeung rea-rea deui. Beuu!!! Kaciiiida !!! Poho dahar, poho nginum, nepika ngaheujeun oge poho mang Amir !? Apal-apal teh geus aya nu ngabrebey we handapeun kolor aya nu bijil.. Paingan bau naooon bau naon, sing horeng teh heueuh gening teu sadar nepika poho kitu. Tah,.. naon sababna bisa kitu ??? eta teh terlalu berangan-angan, kahipnotis ku pikiran-pikiran anu menggiurkan,jeung situasi anu ngadukung kana pikiran eta.
Padahal Rizqi jeung pati rengkak paripolah urang geus diatur Ku Nu Maha Agung nyatana Alloh Subhanahu Wa Ta'ala, Urang teu bisa maksa kehendak urang sok sanajan hut het kaluar kesang badag kesang lemut ngudag-ngudag pibatieun.
Duh Gusti hapunten abdi tina mangrupi-rupi kakhilapan abdi, rumaos abdi lalawodeh kana parentah-parentah Gusti, abdi alim emutan abdi mengpar tina emut ka Gusti Allohu Robbi... Robbanaa la tujig qulu bana ba'da id hadaitana wahablana miladunka rohmatan innaka antal wahhab...
Ya Alloh, lancarkeun rizqi abdi, lindungi jiwa raga abdi, sadarkeun abdi, ridhoi abdi , salametkeun abdi tina mangrupi-rupi kataledoran, kahilapan, kahinaan, sareng kabinasaan... Bismillahilladzi la yadurru ma asmihi syaiun fil ardhi wala pissama'i wahuwassamiun alim.
Ya Alloh, Saestuna Alloh teh Kawasa tina sadayana perkara, Allohu somad Alloh teh tempat nyuhunkeun pitulung, Iyyaka na'budu waiyyaka nasta'in... Mung wungkul ka Gusti abdi ibadah saeng wungkul ka Gusti abdi nyuhunkeun pitulung. Teu aya tempat kanggo nyalindung mung wungkul ka Gusti, teu aya deui anu bakal nyumponan kana naon rupi kahoyong abdi anging Gusti Alloh "Nyalira" ** . (** baca: Q.s Al-Ikhlas)
Astagfirullohaladhzim li waliwali daya wali ashabil hukukil wajibatil alayya, wali masa yihiina wal ikhwanina wali jami'il muslimina wal muslimat, wal mu'minina wal mu'minat al ahya i minhum wal amwat waatuubu ilaih...
Allohumma sholli 'ala sayyidina Muhammad...
Ya Alloh, Rohmat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka Junjunan abdi, Junjunan alam Habibana, wanabiyyana Rosululloh shollallohu 'alaihi wasallam.ka kulawargina, para shohabatna, para tabi'in, tabiit-tabiin, dugi ka abdi sadaya salaku umat mantena.
Robbi auji'ni an asykuro ni'matakallati an'amta 'alayya wa'ala walidayya wa an a'mala solihan tardhohu waadhilnii fii 'ibadikassholihin...
Hasbunalloh wani'mal wakil, ni'mal maola wani'man nasir. la haola wala kuwwata illa billahil 'aliyyil adhzim...
Ari sadayana puji eta kagungan Alloh, anu Ngarajaan sakabeh alam.


BEWARA SUDAH TERJUAL

FOTO TANGGAL 12 NOVEMBER 2014 SAMPAI KE BELAKANG SEMUANYA SUDAH TERJUAL !!! YANG MASIH ADA BONGKAHAN HIJAU BUNGBULANG DAN HIJAU GARUT, HEJO GARUT BUNGBULANG EUY !!!

Senin, 17 November 2014

Bongkahan Hijau Bungbulang

Bongkahan Hijau Garut Bungbulang, (Cigadog, Ciangel, Cipicung, Kiara Payung, Caringin) Stok Ready Kirim email anda ke almusthofa13@gmail.com.

Hijau Garut, Hejo Garut Bungbulang Euy !!!

Saat ini 18 Nopember 2014 batu ini masih ditangan saya. Monggo yang berminat hubungi email : almusthofa13@gmail.com

Rabu, 12 November 2014

Selasa, 04 November 2014

Garut Ijo / Pancawarna Best Quality...

Samapai saat ini batu ini masih di tangan saya, jika ada yang berminat silahkan hub : email : almusthofa13@gmail.com atau Fb aapohenk@gmail.com. MAAF SUDAH TERJUAL !!!

Dan Kau Pun ....

Dan kau pun tertawa ketika mampu membohongiku dengan segala sandiwaramu Dendammu itu terlalu pahit dan terlalu lama Busuk nadimu busuk hat...