Selasa, 28 Mei 2013

Story of "Amid bin Apuy"

Kuring boga babaturan ngarana (moal dibeja-beja ngarana si Amid) urang Bungbulang akur jeung kuring (Bungbulang ceuk urang kota mah kampung,leuwueung,jalana butut,luak leok,jeung udik logat bahasana ngaleu siga tukang nyinden,lamun indit ka kota geus jadi ciri wanci anu mustari mun barang bawa teu weleh di wadahan kana dus,dus urut mi instan,air mineral jeung sajabana tuluy di talian ku rapia,bahasana sunda buhun jeung rada hese ngucapkeun bahasa ibu pabaliut siga benang kusut) Anu antukna sebagianna mah aya nu embung ngaku yen manehna teh urang Bungbulang da era. Hiji waktu kuring jeung manehna ulin ka kota lain ulin2 teuing maksud mah rek nyokot duit ti bandar cengek,duitna loba aya kana 50 jutana.Kusabab teu apal padumukana si bandar,manehna ngan mere nomor telepon."kumaha euy urang geus nepi yeuh ka kota,urang coba telepon we nya ceuk kuring ka si Amid,tapi teu nyaho kudu dimana urang nelepon??? dek nanya keun kan gengsi kita !!! ngan asa inget seuk si bandar teangan weh WARNAS,WORTEL,WARTEL,teuing atuh poho deui.Mid euy teangan plang anu judulna Warnas ceuk kuring,si Amid seuri ngagalakgak semu anu sombong,bari ngayakinkeun manehna ngomong sok nyaho lain Wartel oon Warnas maneh teh ka kuring ngomong bari ngadegungkeun sirah (kehed teu sopan ka dunungan).Kusabab kuring sarua poho deui naon ngarana tempat nelepon nya nurut ka si Amid.Harita kuring kukurilingan leumpang di pusat perbelanjaan neangan plang anu ngarana Warteg,sup ka tempat makanan teu manggih,sup ka tempat pakean sumawona sup ka time zone euweuh teu manggih kalah garandeng jeung araraneh nempokeun budak ngasup ngasupkeun bal ari geus beak bijil kertas ngaruntuy siga kopi di warung.... (ah teu kahararti urang kota mah pagaweana teh aneh-aneh). Kusabab geus beurang jeung geus jemblang ku kesang (bari semu bau Kelek) jeung geus rada prustasi jaba beuteung geus kukurubukan hayang di eusian da eusi anu isuk2 dek indit mah beak kaluar deui basa keur di perjalanan dina jero mikro (mikro teh angkutan umum beus leutik ngan sapararat ceuk si Amid mah ) kudu kamana deui da nanyakeun mah jelas-jelas GENGSI ABRUG-ABRUGAN. Kuring kaluar bari diuk cingogo sisi jalan (bari geus puguh aya tempat diuk,lain diuk kalah cingogo) teu kahaja ngareret ka beulah kenca ari bray teh jelas jeung eces maca plang WARNAS MANG AMIN ENAK,GURIH DAN DIJAMIN HALAL. Kuring cengkat bari semu nu lumpat,si amid ngagurubug ceuk kuring "itu gening euy Warnas teh aya...tapi suku kuring terhenti sejenak."kelanan (bahasa gaulna mah kelanan teh wait a minutes,dagoan sakeudeung) euy uing asa curiga dek nelepon tapi tulisana rada hambar WARNAS MANG AMIN ENAK,GURIH DAN DIJAMIN HALAL ari nelepon anu enak teh kumaha nya euy?nelepon nu gurih teh kumaha? jeung aya halal sagala rupa moal gratis mah ari di halalkeun mah...??? Alah hayu weh buru atuh,keun uing nu mimiti asup mah.Teu kungsi lila sup si Amid ka Warteg dituturkeun ku kuring ari bray teh deungeun sangu ngajajar dina lomari kaca,jelema loba keur dalahar,jelema di tukang saribuk nyiksikan bawang.Bari semu ragu si Amid nyelengkeung "pa saya mau nelepon dimana telepon nyah??? oh Ayi teh bade nelepon???? Ayi-ayi we ngaran kuring lain Ayi tapi Amid bin Apuy urang BunGbulang kawentar jawara,teu teurak di kadek bari nyokot peso dina meja sret-sret di geseng-geseng kana leungeuna,bener pisan si Amid jawara Bungbulang kulitna teu teurak ku peso,memang bener si amid katelah kandel kulitna termasuk Kandel kulit beunget na.Kitu nateh bari ngacung-ngacung curuk kaluhur kahandap,tukang warnas gemeteran (anyir gemeteran legeg) nu keur dalahar curinghak.Punten pisan Pa ieu mah Warung Nasi sanes tempat nelepon,upami tempat nelepon mah Warung Telekomunikasi tuh palih ditu caket lampu merah",bari nunjuk ka beulah katuhu. "Semprol kamu gue bilang ini Warnas warnas siah,Warnas teh tempat paranti nelepon udik sia teh !!! " bari jeung ngadegungkeun deui wae sirah nu boga warnas.Ceuk tukang Warnas dina jero hatena "gue apa elo sih yang ndeso???" Kieu we atuh Pa Amid,kaleresan di warung abdi mah teu aya telepon,ari maksa-maksa teuing mah atuh cobi we ieu Mutu anggo kanggo nelepon bari tong hilap ngadu'a ka Gusti mudah-mudahan tiasa nyambung.."ceuk si warnas ka si Amid.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Dan Kau Pun ....

Dan kau pun tertawa ketika mampu membohongiku dengan segala sandiwaramu Dendammu itu terlalu pahit dan terlalu lama Busuk nadimu busuk hat...