Kamis, 24 Agustus 2017

Angkara

Ma'na Asmaul Husna
يا منتقيم = Ya Muntaqiim
Nyaeta anu Nyiksa ka satruna
Takholluqna, jalma kudu daek nyiksa ka satruna Alloh.
Kasaha eta panyiksa dibikeuna? Nyaeta kasakabeh jalma anu dibenduan ku Alloh, saperti jelema anu khianat, nganyenyeri, dholim, ngabohong, tukang tipu, Jeung sajabana.
Mana ayat Qur'an na? tinggal dina surat Hamim Sajdah ayat 22 anu pihartoseunnana (wallohu 'alam)
"Naha lain taya anu leuwih dholim batan jalma anu diwawadian ku ayat ayat pangeran,tuluy maranehna ngabalieur tidinya? Saestuna kami bakal nyiksa jalma jalma anu jarahat"

Jalma anu dholim nyaeta jalma anu nyieun karuksakkan, kajahatan, nganiaya, khianat, ngabohong, nganyenyeri, munafik Jeung sajabana.
Kade sing inget !!
الا لعنت الله على الضا لمين
Laknat Alloh teh pikeun jalma-jalma anu dharolim..
الا لعنت الله على الكا ذ بين
Laknat Alloh teh pikeun jalma-jalma anu ngabarohong
Naha eta ayat jeung katerangan teh hanya isapan jempol belaka?
Jalma anu jarahat pasti bakal meunang wawales ti Gusti kecuali tobat.
Kumaha cara tobat? diantaranya ;
1. Sadar Yen pagawean urang teh salah.
2. Kaduhung Atawa menyesal
3. Janji Moal rek migawe deui
4. Istigfar
5. Miceun Atawa ngajauhan perkara anu bakal mawa Kana kamaksiatan pagawean anu geus dipilampah.
Naha eta lamun dipigawe bakal ditarima tobat urang? Pasti !!
Saestuna Alloh teh micinta ka jalma jalma anu ngalakukeun tobat Jeung nyucikeun jiwana.
Mana deui ayat anu netelakeun Kana alusna ngalakonan tobat?? Seuer pisan Dina Alquran anu netelakeun hal eta.
Ngan Hiji anu kudu dipimilik ku urang, ulah rek goreng sangka ka Alloh Komo can naon2 geus mutuskeun kana Rahmat-Na.
Saestuna Rahmat-Na Alloh teh langkung seueur daripada Murka-Na.

Kembali deui ka diri urang, apakah urang yakin Jeung percaya Kana Rukun rukun iman anu geus apal ti budak keneh? Naha urang enggeus ngalaksanakeun sakabeh karukunan Dina Agama Islam teh?
Jujur Kana diri, Naha urang rek ngabalieur Kana ayat ayat Gusti, Atawa rek nyinghareup Kana nafsu, ego, Jeung gerentes syetan???
Pek pilih, Ngan kudu paham Ari Alloh teh eta Anu Maha Uninga boh nu jelas,anu samar, sumawonna anu nyumput.
Urang percaya Kana ayat ayat Gusti, tp henteu yakin, eta sarua jeung ngabalieur.
Dalah syetan Oge percayaeun Kana ayat ayat Gusti tapi tetep maranehna ngabalieur.. mending milih cicing Dina naraka anu kacida rongkah siksaannana.
Nauzubillahi min dzalik...
Ilusi Jeung patamorgana atawa kahayang dunia eta Ngan saukur pangbibita ti syetan anu diranjam.
Tah ayeuna Aya patarosan :
Kumaha nyanghareupan jalma anu geus nyieun kadholiman, Atawa nganiaya ka diri urang ???
Aya Dina ma'na Asmaul Khusna
يا عفو
Anu Ngahampura Kana Kasalahan
Takholluqna, jalma kudu daek ngahampura Kana Kasalahan Batur
Ayat qur'anna cobi tinggal dina surat an-nisa upami teu lepat ayat 99.
Urang sakuat Tanaga pasrah ka Gusti bari berusaha ngahampurana sok sanajan kadholiman Jeung pengkhianatan geus begitu karasa nyeri Jeung peurihna ku diri urang. Urang cobi sodorkeun kahadean. Kumaha cenah da maranehannana mah da teu sieuneun Jeung ngarasa teu menyesali perbuatannana? Lamun Kitu urang dibere dispensasi ku Gusti pikeun ngucapkeun laknatna ka eta jelema anu bakal baris diijabahna Margi teu Aya hahalang doana jalma anu teraniaya mah. Bahkan Tos ngawawadian saanggalna, Kade aranjeun ulah dek nyieun aniaya kusabab jalma anu teraniaya deukeut pisan Jeung Gusti.
Urang bisa ngucapkeun :
اعوذ بالله منك ال عنك بلعنة الله التا مة
"Abdi Nyalindung ka Gusti darimu (syetan dan pengikut-pengikutnya (jalma anu geus nganiaya)) Jeung Kuring laknat anjeun ku laknat Alloh Anu Sampurna"

Tah lamun geus Kitu, kantun saksian laknat Alloh anu kumaha anu baris karandapan ku eta jelema. Lain urang henteu nyaah tapi urang Oge dituntut pikeun negakkeun hukum Alloh, nyaeta sakumaha anu tos disebut diluhur Dina asma AL-MUNTAQIIM.
Syetan pasti rikat ningali moment saperti kieu. Balas dendam, Balikeun ku kadholiman, Paehan, gebugan, Jeung sajabana, didorong ku amarah anu sakitu rongkahna. Kade teu meunang !!!! Syetan teh pinter Jeung tipuanna Alus pisan, tp urang saenyana anu leuwih pinter nalika momentum saperti kieu urang sumerah diri ka Alloh Anu Maha Perkasa, urang Nyalindung ka Gusti ku ngucapkeun doa:
اعوذ بالله من الشيطان الرجيم
Abdi Nyalindung ka Gusti Tina godaan syetan anu diranjam
اللهم انى اعوذ بك من ابليس و جنوده
Nun Gusti saestuna abdi Nyalindung ka Gusti Tina kajahatan iblis Jeung pengikut-pengikutna.
Saha Ari pengikut iblis???
1. Syetan
2. Jin anu jahat anak buah syetan
3. Ifrit,
4. Jelema anu ngabalieur Kana kahadean Atawa pituah kahadean Tah meureun ieu anu disebut syetan bungkeuleukan teh
Jeung sajabana.
Intinya, ketika kadholiman terjadi Atawa karandapan ku urang, hal anu kudu dilakukeun nyaeta "INNA LILLAAHI WA INNAA ILAIHI ROOJI'UUN"
Saestuna Sagala rupi kajadian eta sumpingna ti Alloh, urang pasrahkeun deui ka Alloh. Sambil urang terus berusaha Nyalindung ka Gusti Tina bisikan syetan anu pasti bakal ngajerumuskeun manusia Kana kasangsaraan anu nyata.
Bismillahi tahasshonna Billah, kalawan nyebat jenengan Alloh, abdi sadaya ngabentengi diri ku Kekuatan Gusti.
Hasbunalloh wani'mal wakil ni'mal Naila wani'mal Nashir, la Haula wala quwwata Illa billahil 'aliyyil adhzim...
Wallohu 'alam

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Dan Kau Pun ....

Dan kau pun tertawa ketika mampu membohongiku dengan segala sandiwaramu Dendammu itu terlalu pahit dan terlalu lama Busuk nadimu busuk hat...